Wanci Janari gede : Kira-kira tabuh 01.00 - 03.00
Wanci janari leutik : Kira-kira tabuh 03.30 - 04.30
Wanci balebat : Waktu fajar geus udat udat(sinar panon poe) beulah wetan (tabuh 04.30).
Wanci carangcang tihang : Wanci liwat fajar,tetenjoan remeng-remeng keneh(tabuh 04.30 - 05.00).
Wanci haneut moyan : Waktu sedeng ngeunah dipake moyan (tabuh 07.00 - 08.30).
Wanci rumangsang : Waktu panon poe geus karasa panas(tabuh 09.00).
Wanci peucat sawed : Waktu munding anu dipake magawe dilaan sawedna(tabuh 10.00).
Wanci manceran/lohor : Waktu panon poe luhureun sirah,tengah poe(tsbuh 12.00).
Wanci lingsir ngulon : Waktu panon poe geus mimiti ngeser ka kulon (tabuh 13.00).
Wanci panonpoe
satangtung : Tabuh 15.00.
Wanci tunggang gunung : Waktu panonpoe geus rek surup,ayana dina luhureun gunung (tabuh 16.00-17.00)
Wanci sariak layung : Waktu layung (sinar panonpoe)di langit katenjo beureum(tabuh 17.00-18.00).
Wanci sarepna : Geus mimiti reup poek(tabuh 18.30).
Wanci sareureuh budak : Waktu budak leutik geus mimiti carapeeun tas hareureuy(tabuh 20.00).
Wanci tengah peuting : Tabuh 24.00.
Sunda yang terlupakan.