Anjun :Tukang nyieun parabot tina taneuh.
Bujangga :Tukang nyieun/nulis carita.
Canoli :Tukang ngajaga pabeasan di nu kariaan(biasana awewe).
Gending :Tukang nyieun parabot tina kuningan.
Kabayan :Tukang dititah ka ditu ka dieu.
Kajineman :Tukang ngajaga jinem(nu di hukum),Mandor sakitan.
Kamasan :Tukang nyieun parabot tina emas atawa perak.
Kebojengkeng :Tukang ngagusur padati.
Kulaer :Kusir anu tumpakna dina kuda kareta pangagung.
Kuncen :Tukang ngurus kuburan.
Legig :Tukang ngasruk dina pamortoan.
Malim :Tukan nalukeun sasatoan.
Maranggi :Tukang ngieun ladean jeung sarangka keris.
Merebot :Tukang nakol bedug.
Nyarawedi :Tukang ngagosok permata.
Pakacar :Bujang,juru laden.
Palatuk :Iber anu tumpak kuda saheulaeun pangagung.
Paledang :Tukang nyieun parabot tina tambaga.
Palika :Tukang teuleum(ngala lauk).
Pamatang :Tukang moro(nu sok ngagunakeun tumbak).
Pamayang :Tukang ngala lauk di laut.
Panday :Tukang nyieun parabot tina beusi.
Paneresan :Tukang nyadap.
Paninggaran :Tukang moro.
Sarati :Tukang ngusir gajah.
(Sunda yang terlupakan)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar