Andegleng ; Diuk ajeg tumaninah dina korsi.
Andeprok ; Emok rekep(awewe).
Anjeucleu ; Diuk ngenah-ngenah di tempat nu rada luhur(dina tonggong munding,kuda,jst).
Campego ; Cingogo kawas aya nu didagoan.
Candeluk ; Diuk sabaraha lilana kawas aya nu didagoan.
Cingogo ; Nagog, peta saperti nu bubuang.
Emok ; Diuk awewe,suku duanana di tikelkeun semu kagigir ditindihan ku dua pingping.
Emak cabok ; Emok anu pingpingna dipatumpangkeun.
Nagog : cingogo.
Nanggeuy gado ;Diuk biasa ngan leungeun sabeulah dipake nanggeuy gado (biasana diuk keur ngalamun)
Ngabaheuhay ; Diuk nyanghunjar bari suku direnggangkeun,biasana lantaran cape.
Ngebebengkong ; Diuk lila rada semu bengkung,bari nganggur.
Ngalageday ; Diuk nyangsaya biasan dina korsi males.
Nyanghunjar ; Diuk bari ngalonjokeun suku sabeulah.
Nyanghunjar- ; Diuk bari ngalojorkeun suku duanana.
lambar
Nyangsaya ; Diuk bari nyarandekeun awak kana tempat nu disarandean.
Sidengdang ; Diuk bari suku dua nana dirumbaykeun (biasan diuk di imah panggung nu aya kolongan)
lamun sukuna di ayun ayun disebut ucang ucangan..
Sideuha ; Diuk emok atawa sila bari leungeuna sabeulah dipake nulak awak.
Sila ; Diuk bari nikelkeun suku duanana handapeun pingping nu didengkakkeun.
Sila andekak ; Sila semu rubak,biasana bari nyinghareupan kadaharan.
Sila ipis ; Sila rubak,tuur anggang pisan nepi ka jebrag.
Sila mando ; Sila bari leungeun duanana aya diantara dua suku nu ditumpangkeun,awak biasana
semu doyong ka hareup.
Sila tumpang ; Sila bari dampal suku duanana numpang dina pingping kenca katuhu.
Sila tutug ; Suku nu sabeulah sila ,sedeng nu sabeulahna deui ditutugkeun.
Sunda yang terlupakan
Tidak ada komentar:
Posting Komentar